cad_drafter's blog
aku...? aku...? aku...?
Friday, July 09, 2004
Rada Bungah Kamari Mah
Jam 5 sore kamari gajihan euy...Dua bulan deuih, bulan juni jeung bulan nu ayeuna.. hehehe jadi nambah semangat yeuh... tapi masih aya wae kakeuheul teh, dina surat tanda terima tertanggal persetujuan proyek ASC 2 ieu teh bulan Maret kamari, berarti kuduna mah barudak ASC teh meunang duit teh ti bulan Maret atuh..kaccccoouuuu teuing manana nu teu baleg teh.. Kieu yeuuh negara urang teh geuningan, teu kaop aya proyek gede saeutik pasti weh aya jalma nu kekeremed alias ararateul alias korup...eisssss tapi urang ulah waka su'udzon heula bisi dosa.. heu euh bener nya.. ASTAGFIRULLOHHALADHIM..