<$BlogRSDURL$>

cad_drafter's blog

aku...? aku...? aku...?

Wednesday, August 11, 2004

BACK TO JAKARTA

Kemaren sampe ke bandung dari kampung rambutan jam 1/2 malem, untung di jemput ama A Dede. [mun taeun kapaksa naek taksi]. Turun ti bus nungguan di sisi terminal sabari ngadagoan, a dede. Teu lila a dede datang mawa motor. nyampe di siliwangi, mondok di imah ua. Lantaran imah sorangan mah di konci, mamah aya di kulon. Teu hilap ngalaksanakeun kawajiban heula [solat Isya]. Beres solat teh Ema nawaran makan, rek dipang nyieunkeun mie. [kaleresan nuju lapar pisan]. Sabari makan, ngobrol2 jeung ua.. trus sare [capek pisan].

Jam 5 ade Dika datang ka kamar[ngahudangkeun] bungah si ade dika can poho ka emangna. Solat subuh heula... tapi can mandi.. tirizzzzz

Jam 7 leuwihan kakara mandi saenggeus nyikat gigi make kopi sareng opian nu sejenna...

Mamah masak perkedel euy... asik kabeuki urang eta mah ... Jam 1/2 9 kakara indit ka polman, pamit ka mamah[sun tangan dulu] nia[adiku tercinta] teteh ua. Pertama masuk ka polman, langsung masuk ka ruangan Dosen Perancangan Manufaktur.. pas di lawang panto pendak sareng Pak Andi jeung Pak Budi..[ngucapkeun salam+salaman heula atuh]. pas asup ruangan ehhh.. dosen2 keur ngarumpul di ruangan sabelah.. aya acara ulang taun pak ade... [waduh jadi ngilu ngariung jeung dosen]...

Ka BAA nyandak STTB & STK asli keur nyieun paspor. Menghadap direktur polman sabari dia anteur pak adies. ALHAMDULILLAH permohonan ijin teu ospek jeung ijin teu kuliah 2 minggu si setujui pak direktur...

Beres ti polman langsung menuju terminal LeuwiPanjang... Naek bus AC Ekonomi[Rp. 19000]...mulai berangkat ti terminal jam 12 leuwih...

Ehhh pas nepi jalan tol di jakarta... ban tukang bus bitu... bus jalanna ngadurud... sopir pertamana mah hare2.. tapi beuki ka dieu beki parah eta jalanna bus teh.. jadi kapaksa nyisi heula..

Pas ditingali ban jero bus nu tukang geus dadas.. katingali ban jerona. kapaksa kudu diganti heula kunu cadangan... lumayan lila ngaganti ban na.

Nepi ka kamp rambutan ampir jam 6... langsung naek bus P6 arah ka slipi.. ti slipi naek 24.. ka salam raya, turun pas hareupeun gang tempat kos... nepi tempat kos jam 7 kurang 5.... mandi.... terus sare...capek pisan... jadi teu solat isya